Jumat, 26 September 2008

Kumpulan Babasan jeung Paribasa Sunda

Kumpulan Babasan jeung Paribasa Sunda

Numutkeun keterangan dina kamus, Babasan teh “ucapan matok nu dipake dina harti injeuman”; dupi Paribasa nya eta “ucapan matok, saeutik patri nu mangrupa silokaning hirup (pituah, piluangeun jsb)”. Nanging wates eta dua rupi pakeman basa sering samar karaosna. Numawi rupina seueur oge babasan sareng paribasa anu paliron tempatna. Ku margi eta, upami salahsawiosna teu kapendak dina bagian babasan tiasa dipilari dina bagian paribasa atanapi sawangsulna.

KATERANGAN & PITUDUH

A. Sadayana babasan sareng paribasa disusun numutkeun abjad, mung teu aya anu nganggo aksara : F, Q, V sareng Z.

Nu dianggo patokan dina nempatkeun salahsawios babasan/paribasa, nya eta kecap anu tiasa dianggap mangrupi kecap poko tina eta pakeman basa. Dina paribasa anu panjang, kecap anu mangrupi poko the tiasa langkung ti hiji, upamina bae dina : ”Gunung luhur bisa diukur, laut jero bisa dijugjugan, tapi hate jelema najan deet moal kakobet”.

Kecap-kecap: gunung, laut, hate, kobet tiasa dianggap pokona, sarta ku kituna eta paribasa bakal kapendak dina bagian : G, H, K jeung L.

Dupi hartosna mung diterangkeun dina nu kapendak pangpayuna bae, dina nu sanesna mah dicekapkeun ku : il. GUNUNG (=ilikan/tingali GUNUNG).

Babasan/paribasa anu pokona mangrupi kecap-rundayan kedah dipilari dina leresan kecap-asalna, sapertos : “Ngajul bulan (bentang) ku asiwung”, kedah dipilari dina ADJUL; “Kaciwit kulit, kabawa daging” dina CIWIT sste.

B. Kecap-kecap wancahan nu dianggo mung:

At. = atawa

Il. = ilikan

Jsb. = jeung sabangsana

Jst. = jeung saterusna

Jste. = jeung sajaba ti eta

Sab. = sabangsana

Sap. = saperti

Sbl. = sabalikna

Up. = upama

BABASAN SUNDA

ABANG - Abang-abang lambe = beureum biwirna wungkul, ukur keur ngagenahkeun hate nu sejen.

ABONG - Abong biwir teu diwengku = sagala dicaritakeun teu jeung jeujeuhan.

- Abong letah teu tulangan = ngomong sangeunahna, kajeun matak teu ngeunah ka batur.

ACAK - Ngacak ngebur = kokomoan, mangpang meungpeung.

ACAN - Teu burik-burik acan = salamet teu kabeunangan ku musuh.

ADAM - Tapel adam = tempat dilahirkeun atawa tempat pinanggih jeung ajal.

ADIL - Adil palamarta = kacida adilna.

ADOL - Atah adol = kurang ajar.

‘AEN - Keuna ku ‘aen = meunang cocoba lantaran loba tuing nu muji, sarta tara nyebut “alhamdulliah”.

AJAK - Ajak jawa = tawar gatra, ngajak tamba teu hade.

AKAR - Nete akar ngeumbing jangkar = seseleket, jarang jalan rumpil.

AKI - Kawas aki-aki tujuh Mulud = kawas nu geus kolot pisan, padahal ngora keneh.

AKU - Aku-aku angga = ngaku barang batur, majar anuna.

ALA - Rambay alaeun, raweuy beuweungeun = subur ma’mur, loba dahareunhasil laut.

ALAH - Tarik alahbatan mimis = tarik pisan.

ALEUT - Ngaleut ngeungkeuy ngabandaleut, ngembat-ngembat nyatang pinang = ngaleut panjang pisan.

ALEWOH - Bodo alewoh = bodo tapi daek tatanya.

ALIP - Teu nyaho di alip bingkeng = buta hurup.

ALONG - Along-along bagja = teu tulus meunang bagja.

AMBA - Ditegalambakeun = dilurkeun, teu diurus, kebon jsb.

AMBEK - Ambekna sakulit bawang = babari ambek.

AMIS - Geus turun amis cau = geus tembong kawanitaanana, geus beger.

- Amis daging = mun raheut sok jadi radang (cara nu boga kasakit gula).

AMPAR - Saampar samak = (lahan) sagebleg jeung kaayanana meh sarua.

AMPROT - Bosongot bade amprotan = pikagimireun, pasemon jagoan.

ANAK - Anak tilu keur kumusut = upama geus boga anak tilu, awewe nu teu bisa ngurus awak katenjona sok karusut. ( Anak hiji keur gumeulis, anak dua keur gumunda [lumenjang], anak tilu keur kumusut).

- Teu sanak teu kadang = teu boga baraya pisan.

ANDEL - Matak andel-andeleun = matak ngurangan kapercayaan nepi ka handeueul nu nitah.

- Nyieun piandel = nyieun piheueuh, ngatur carita bohong ngarah dipercaya.

ANGEN - Ngeunah angeun, ngeunah angen = hirup cukup dahar pake serta runtut-raut jeung pamajikan.

ANGGEUS - Anggeus-anggeusan = bebeakan

ANGIN - Henteu unggut kalinduan, henteu gedag kaanginan = pageuh nyekel tangtungan sorangan, henteu kapangaruhan ku ruruba jsb.

ANGIR - Ka cai diangir mandi, batu lempar panuusan = lemah-cai, bali geusan ngajadi.

ANGKLUNG - Nu burung di angklungan, nu edan di kendangan = naggap carita gedebul rahul, malah dihaja sina leuwih ngabuih.

- Ngadu angklung = papaduan, parea-rea omong nu taya gunana.

ANJANG - Atah anjang = arang anjang.

ANJING - Kawas anjing kadempet lincar = keukeuleuweuhan teu puguh.

- Aya nu dianjing cai = aya nu diheroan.

- Ti kikirik nepi ka jadi anjing = ti bubudak nepi ka sawawa.

- Kawas anjing tutung buntut = ijigimbrang teu daek cicing.

- Pageuh kancing loba anjing = taki-taki mageuhan tulak, bisi aya bancang pakewuh.

ANJUK - Nganjuk kudu naur, ngahutang kudu mayar = sabalikna tina hutang-hatong.

- Nganjuk teu naur, ngahutang teu mayar = ngajeblug.

ANUT - Sapi anut ka banteng = awewe nurut ka salaki.

ANYAR - Dihin pinasti anyar pinanggih = sagala anu kaalaman ayeuna saestuna geus ditangtukeun ti heula ku Pangeran.

APAL - Geus apal luar jerona = geus nyaho kalakuan jeung tabeatna.

ARAH - Ngarah sahuap-sakopeun = usaha leuleutikan, neangan rejeki saharitaeun.

ARIT - Tumenggung sundung patih arit = lain turunan menak, sanajan jeneng (pamoyok).

ASEUPAN - Kawas bujur aseupan = diuk teu daek cicing.

- Matak tibalik aseupan = matak teu bisa nyangu.

ASIH - Taya dunya kinasihan = euweuh barang nu dikoretkeun pikeun kabagjaan jalma nu dipikanyaah.



sumber: jerry (abig)

2 komentar:

Idong mengatakan...

Hatur nuhun ,nambihan pangaweruh sim kuing.
Pami tiasa nyuhunkeun sababaraha conto kalimah wawangsalan

Idong mengatakan...

sampurasun,abdi ngiring tumaros,pami myuhunkeun materi di " Lembur Kuring " kumaha carana ?

 
Serenity Blogger Template