Dumasar kana sajara anu aya, datangna Jayasaingawarman ka Pulo Jawa, lantaran di nagara asalna, India, aya bancang pakewuh.
“Di India bahuela aya dua karajaan anu salawasna pacogcegran nyaeta Karajaan Palawa jeung Salankayana, “ ceuk Atma anu geus puluhan taun nyangking juru piara Situs Ciaruten. Saurna, kajadianana lumangsung dina taun 314 M. Salah sahiji raja Salankayana, Samudra Gupta ahirna nyieun karajaan anyar anu dingaranan Karajaan Maurya. Kulantaran kadeseh jeung sieun ditandas, raja jeung kulawargana nyumput di leuweung, aya oge anu kabur ka gunung, malah teu saeutik anu lumpat ka laut, nyabrang lautan. Salah sahijina Jayasingawarman, Maharesi Karajaan Salankayana. Ngagunakeun kapal saayana, Jayasingawarman jeung kulawargana, dibaturan balad-baladna, tepi ka wahangan Citarum anu ayana di Jawa Barat. Di dinya Jayasingawarman ngadegkeun Karajaan Tarumanagara anu dituluykeun ku putrana Raja resi Darmawiyarmanaguru.

Maharesi Jayasingawarman nyangking kalungguhan salila 24 taun (358-382), pupus dina yuswa 60 taun. Hasil pananlungtikan anu dilaksanakeun salila dua taun (1970 - 1972), di sisi wahangan Ciaruteun anu pernahna teu jauh ti Batu Tulis, tim panalungtik mangihan rupa-rupa barang paniggalan jaman bahuela diantarana menhir, batu dakon jeung susunan batu undak-undakan. Salian ti eta oge kapanggih sababaraha barang saentas jaman Karajaan Tarumanagara diantarana geulang tina batu, mangkok anu bahanna tina parunggu, manik-manik, kereweng jeung porselen anu diperkirakeun asalna ti abad ka 12 Mahesi jeung ka 16. Dumasar kana hasil panalungtikan, numutkeun barang-barang anu kapanggih bias dsimpulkeun ywn agama anu diagemna, Hindu jeung Budha. Barang-barang sajarah anu kapanggih di wahangan Ciaruteun atawa kawentar Prasasti Ciaruteun. Disisi prasasti aya gambar lancah jeung tapak suku jalma ditambah tulisan anu lobana opat baris. Eusina mangrupa sajak Anustubh, bvahan batuna andesit, hurupna Palawa bahasana sangsekerta. Sedeng prasasti Kebon Kopi anu kapanggih sawaktu ngabukbak leuweng sawaktu rek dijieun kebon kopi ku bangsa walanda. Dina prasasti ieu aya tulisan palawa anu lobana sabaris, bahasana sangsakerta jeung Tapak Suku Gajah. Nu sejena, disebut prasasti Muara, pernahna di sisi Cisadane, Muara Cianten mang rupa batu gede lonjong dina batu aya tulisan huruf galing jeung huruf Sangka. Sedeng Situs Kampung Muara aya batu dakon jeung menhir anu sok disebut Prasasti Batu Dakon nandakeun yen didinya kungsi aya kahirupan megalitik jeung tradisi kaagamaan di jaman harita. Anapon eusi Prasasti Ciaruteun nyaeta : Vikkranta syavani pateh Srimatah purnawamanah Tarumanagara Visnoriva padadwayam
Hartina : Ieu (urut) dua suku nu kawa suku Dewa Wisnu Nyaeta suku anu mulya sang Purnawarman Raja di Nagara Taruma Raja nu gagah jeung wani di dunya Sedeng eusi Prasasti Kebon Kopi nyaeta : Javavisalasya Tarumandrasya hastinah Airavatabasya vitabhatidam padadvayam
Hartina : Di dieu katempo sapasang tapak suku gajah anu kawas airawata, gajah nu kumawasa di Taruna nu agung. (Soleh/Dadang H sumber : Proyek Penelitian Terpadu Sejarah Kerajaan Tarumanagara) Kulawarga Agung Para Raja Tarumanagara (Bekasi-Karaang-Cikampek-Subang-Cianjur-Cariu)
1. Prabu Jayasingawarman (385-382)
Ngagunakeun kaal saayana, Jayasingawarman jeung
2. Prabu Darmayawarman (382-395)
3. Prabu Purnawarman ( Gelar : Prabu Ranggita Arga Somardirya) (395-434)
4. Prabu Wisnuwarman (434-455)
5. Prabu Indawarman ( Prabu Sanggana Arkada Laksmana ) (455-515)
6. Prabu Candrawarman (Prabu Rangga Arta Bardawiguna) (515-535)
7. Prabu Suryawarman (Prabu Langgawe Bisutha Satria ) (535-561)
8. Prabu Kertawarman (561-628)
9. Prabu Sudawarman (628-639)
10. Prabu Dewamurtiwarman ( Prabu Runggula Astila Bramawisesa ) (639-640)
11. Prabu Ngajayawarman Prabu Arggasaloka Mundra Karwita (640-666)
12. Prabu Linggawarman ( Prabu Janggapati Sanca Hilingga ) (666-669)
Dicutat tina :
Majalah Basa Sunda
Hanjuang Bodas
Winarah Hing Yuga Walatra
Edisi 03 - 2008

Tidak ada komentar:
Posting Komentar