Rabu, 22 Oktober 2008

Undak Usuk Basa

RINGKESNA
UNDAK USUK BASA SUNDA.

Jaman ayeuna undak usuk basa Sunda teh aya 5 panta :
1. Basa Cohag atawa Basa Kasar Pisan. Dipakena ka sato, atawa ka jalma dina urang keur ambek,saperti Cokor sia, bangus anjing, lebok ku sia..!

2. Basa Wajar atawa Basa Loma. Jaman beh ditu sok disebut Basa Kasar. Dipakena ka babaturan nu geus loma. Di kalanagan rayat (pilemburan ?MS) mah ka indung bapa, ka dulur saluhureun jste oge nu dipake teh basa loma bae.
Contona :
Kumaha dulur maneh (silaing) teh geus cageur..?
Manggih naon Kang, peuting tadi di panglalajoan teh?
Rek ka mana Ma? Kuring milu.

3. Basa Panengah. Dipakena ka sahandapeun, tapi teu werat make basa loma, lantaran aya ajeneunana. Lantaran kecap-kecap basa panengah teu pati loba, biasana sok dicampur ku basa loma jeung ku basa lemes. Lentongna sedeng bae, teu cara make basa lemes ka saluhureun.
Contona :
Engke bae mulang teh, mang, ngarah iuh.
Pek geura dalahar kadinyah!
Bisi rek sambeang di ditu tuh..!
Cing nyuhunkeun cai, Bi. Ari ieu cau kenging sarupia..? (di warung).

4. Basa Sedeng,nyaeta basa lemes keur awak sorangan jeung keur ka nu satahap jeung urang.
Contona :
Abdi dongkap teh teu ngabantun naon-naon, gaduh artos oge mung saongkoseun
Pun adi udur, teu daekeun neda-neda acan.

Dina taya basa sedengna, nu dipake teh basa wajar bae, saperti :
Waktos abdi labuh, leungeun abdi misalah. (ulah make kecap geubis jeung panangan)

5. Basa Lemes. Dipakena ka saluhureun, ka nu tacan loma atawa tacan wawuh jeung pikeun nyaritakeun saluhureun.
Contona :
Waktos Bapa Kapala geubis, pananganana misalah.
Wartosna tuang rama bade angkat ka Mekah, bade sareng tuang ibu ?

Basa lemes keur budak, saperti uih, eueut, ibak jste teu pantes dipake ku jalma dewasa ka anu dewasa deui.

sumber (di serat ulang ku : M Sasmita)

Tidak ada komentar:

 
Serenity Blogger Template