Jumat, 26 Desember 2008

ASTANA DALEM

Carita Pondok Sarabunis Mubarok

Da ampir unggal jumaah atuh aprak-aprakan di Astana Dalem teh, najan ceuk batur minculak, ulin sosorangan di tempat sanget, uing mah angger bae resep, najan gawe ngan mulungan kalapa jenggi keur kongkorong kaulinan. Mun teu kitu ngadon nirukan daun katapang, keur nyieun paparahuan, abringkeuneun di walungan Ciputri, marengan parahu tapas meunang ngarerab, sok ngebul, haseupna sok hayangeun ditutur-tutur. Kalan-kalan tepi ka situ Panganten ngabringkeun parahu tapas jeung daun katapang teh. Cacak sorangan, teuing da bet ludeung, jeung resep deuih, sakitu babaturan di lembur mah taya nu waranieun, tong boro-boro sorangan, diarajakan oge sok arembungeun. Pajarkeun teh Dalem Sawidak nu ngageugeuhna Astana sok ngajirim bari nungtun singa kajajaden nu mindah rupa ti Sembah Dalem Singaparna. Ceunah eta oge. Uing mah teu pati percaya ieuh.

Mun keur usum ngangler tepi ka anyar tandur mah, biasana memeh ka astana teh sok ngurek heula. Urekna meunang nyieun sorangan, eta geuning, kenur paranti langlayangan, dijieun tilu pantengan, tuluy di gantung, handapna di talian ku batu, puhuna make useup urek meunang meuli ti Mang Komar nu huntuna pohang urang Legok Apu, tah batu teh diputer-puter tiluannana piligenti, geus kitu tuluy dihijikeun bari ditalian lebah batuna. Tingperengkel we eta kenur teh. Resep keur kituna tah. Ujug-ujug jadi be urek teh.

Mun ngurek, karesep teh di sawah Abah Udi, kitu uing bisa nyebutna, padahal eta sawah teg bobogaan Haji Suherlan. Abah Udi mah nu merteluna. Tapi da geus lumrah nyebut teh sawah Abah Udi. Da atuh lain bohong di eta sawah mah, lian ti meunang belut teh sok katambahan ku cau manggala atawa nangka walanda. Bongan ku Bah Udi teu diala-ala bae, tinimbang ku cocodot, meunding dipaok ku uing, tuluy dipeuyeum di Astana Dalem. Lah, mun Bah Udi nanyakeun mah, dijawab ku kecap 'teuing' oge, cukup. Paling paling ngawakwak nyarekan kamana karep. Ku uing mah dijebian oge sok kalah boseneun.

Balik ngurek, kakarek ka Astana Dalem, mun meunang belut mah, jaba ti murak cau manggala atawa nangka walanda meunang meuyeum, sok bari meuleum belut, teuing da ojol-ojol boga ide meuleum belut dina tapas meunang ngarerab, belutna tinggal neundeun bae dina tapas ruhay, tuluy tapasna ditiupan, seungit teh, dibulak balik, diambungan deui, ah, teuing asak teuing hanteu, pokona mah karasana teh ngeunah bae. Cacakan ditambul eta the, komo mun make sangu pulen meunang Ema mah. Ah pedo pisan meureun.

Tah ide nu ka dua nu bijil teh, nyaeta basa miceun tapas urut meuleum belut. Da ujug-ujug hayang ngalungkeun ka walungan Ciputri, nu caina herang, jaba iuh, jeung loba batu paranti ajlok-ajlokan, jadi teu kudu babaseuhan. Da tapas teh atuh siga nu betah ngangkleung di walungan Ciputri mah. Ah, geuning nyaan endah nempo tapas angkleung-angkleungan teh, hasepna ngelun, panjaaang teh. Siga-siga nu hayang ditutur-tutur.

Edas da, datang deui ide ka tilu, nyaeta mulungan daun katapang, diabringkeun sina nutur-nutur tapas ruhay. Asa resep nenjokeunnana, siga armada perang karajaan Banten baheula, ceuk beja eta oge, tuluy ku uing di cipta-cipta, asa waas teh.

Nyaan da Astana Dalem mah atuh, bubuhan uing mah can dikariakeun meureun harita teh, Eta da ujug-ujug resep mulungan kalapa jenggi nu geus marurag, padahal ceunah mun nu geus dikariakeun mah sok diheureuyan ku jurig kalajenggi. Tapi keur uing jadi ide, tuluy kalapa jenggi teh dijieun kongkorong, talina tina rapia bae, eta oge meunang maok tina pager kebon Ki Ihan. Sanggeus kitu neangan harupat ti beh kulon, keur pepedangannana, lah da ari rap teh dudukuy, meuni asa jadi tentara.

Mun geus saged, abringan kapal perang teh ditutur-tutur bari ngawih lagu 'Aku Seorang Kapiten' tea nu tuluyanana mah sabulang-bentor, bubuhan bisana oge meunang tuturut munding ka si Teteh. Bari ngawih teh leumpang digaya-gaya, dicipta-cipta jadi kapiten tea. Sakapeung pedang harupat teh di angkat bari ngagorowok, siga nu keur mimpin pasukan.

Beak walungan Ciputri, nyambung ka walungan Cilalaki, caina rada coklat, loba taneuh nu milu palid ti girang meureun, jaba loba rungga deuih, da harupat oge mindeng potong mun nyuay-nyuaykeun rungga di Cilalaki mah. Lian ti kitu teh, panas, carang pisan tatangkalan, pungkal-pengkol deuih, ah, sok hoream teh nutur-nuturna sakapeung mah. Belah wetanna aya curug leutik, da rarasaan teh aya bahaya atuh, uing sok gogorowokan mere tangara, bisi parahu tapas kelebuh, mun kelebuh pan pareum, pes we euweuh haseupan, pan teu rame, terus we hoream. Mun parahu tapas salamet, uing sok ajrag-ajragan bari neruskeun nutur-nutur abringan armada parahu tapas nepi ka Situ Panganten.

Ari di Situ Panganten, lambakna bangor, sok neumbrag parahu tapas. Matak tara lila di Situ Panganten teh, padu tepi bae, da mun parahu geus tepi mah sok ngadadak jadi teu purun lila-lila, parahu tapasna oge sok kalah pareum, sigana sarua hoream neruskeun, meureun sarua, padu tepi ka situ panganten, ka dituna mah palid bari pareum, atawa kelebuh, da dieundeuk-eundeuk ku lambak nu rada galak.

Ngan teuing naon atuh sababna, ti saprak Aom Keli maot, anu ceuk kolot-kolot mah ceunah gara-gara gancet waktu keur bobogohan jeung Ceu Entik di Astana Dalem. Ceu Entik, nu sakolana teuing di universitas nanahaon atuh di Jakartana teh, nu kabeneran keur pere, aya di lembur teh ngadon gancet, ceunah. Ah, teu ngalalarti, jol guncat-gancet sagala, da sakanyaho uing mah harita, basa rek nunutur armada tea, Aom Keli jeung Ceu Entik teh menta belut ka uing, tuluy mere duit, nya bungah atuh, aya nu rek botram butuh deungeun sangu, aya belut, heg dibeuli, pan bisa jajan, pan di kalereun Situ Panganten teh loba warung, apanan siga kapiten the, ari boga duit maratus mah. Ah teu ngarti, nyaan, ujug-ujug aya sakadang gancet sagala, pira oge botram, deungeunana jeung belut, piraku sakadang gancet hayangeun.

Terus, lamun sakadang gancet teh galak, naha geuning tara nanaon ka uing, Nyaan da can kungsi manggihan tah sakadang gancet teh, rek di Astana Dalem, rek di walungan Ciputri, rek di Walungan Cilalaki, atawa di situ panganten oge, mun bancet, di sawah oge loba. Jeung anehna naha Aom Keli jeung Ceu Entik bisa eleh ku si gancet. Kitu pikiran uing harita.

Ngan teuing kunaon, naha uing jadi teu meunang ulin deui di Astana Dalem? Da uing mah teu sieun ku si Gancet, pan uing mah boga pedang harupat, dibabuk bae mun ngaheureuyan mah, Atawa di baledog ku kalapa jenggi, pasti sieunneun, pikir teh. Jeung lamun enya sakadang Gancet nu maehan Aom Keli jeung Ceu Entik, naha Dalem sawidak jeung Singa jiriman Sembah Dalem Singaparna nu ngageugeuh Astana Dalem euweuh ketak. Ah meureun bohong sigana eta beja teh. Bohong sawareh atawa, kitu nu kaharti ku uing.

Ngan angger bae, Si Ema nyarek uing ulin ka Astana Dalem, ceunah komo ka Situ Panganten mah, ulah, pajarkeun teh bisi aya jurig kalajenggi nu hayangeun nginum, nu sok lunta ti Astana Dalem muru Situ Panganten mapay-mapay Cilalaki, Aneh, sakitu jenggina oge ku uing sok dipulungan, jaba uing mah pan can dikariakeun ieuh. Jeung aneh naha tara garelut eta Kalajenggi, Sakadang Gancet jeung Dalem Sawidak katut singa kajajaden teh.

Kabehdieunakeun, uing jadi embung dikariakeun, ngahaja be mere tanjakan, jiga nu ngarti bae, uing teh menta hayang ulin heula ka astana dalem, tuluy hayang mulung kalapa jenggi, tuluy neang harupat keur pepedangan, tuluy biasa bae nyieun abringan armada parahu tina tapas ruhay jeung daun katapang, tuluy hayang pawey mapay-mapay walungan Ciputri jeung Cilalaki, tuluy hayang nyarekan lambak nu galak di situ panganten. Tuluy we hayang dikariakeun teh.

***

Kiwari, sanggeus uing boga pagawean nu maneuh, sanggeus indung uing nanagih piminantueun, sanggeus leuwih ti dua puluh taun uing teu nincak-nincak deui Astana Dalem, asa kadenge ti saban juru Astana, tangkal caringin nu jaranggotan ngaheabkeun hawa keueung. Tina sela dangdaunan panonpoe kumejot hayang nguyab taneuh saab. Angin sawah tingsariak, ngangajak ngurek deui ka uing. Belah wetanneun Astana Dalem, tangkal nangka walanda ngabibita jiga nu hayang dipaok deui ku uing. Uing nangtung bari ngimpleng leuwih anteng. Ret ka belah kenca aya keneh tangkal kalapa jenggi oge, ngan geus euweuh nu ngarumat, walungan Ciputri masih keneh angger loba batu rarentul, ngan caina jadi kotor, ceunah di beh girangna geus jadi kota, malah geus aya pabrik sagala. Cilalaki oge ayeuna mah geus dikepung ku lembur, rame ceunah, sedeng Situ Panganten nu lambakna rada galak, geus jadi objek wisata, loba nu dagang, loba turis, loba parahu paranti nu arulin lalayaran, parahu nu ide-na ti uing, ti dieu ti Astana Dalem, tina belut, tina kalapa jenggi, ti seorang kapiten nu kiwari geus dikariakeun.

Ngan teuing kunaon, Astana Dalem pangulinan teh karasana jadi geueuman. Inget deui kana carita Dalem Sawidak jeung Singana, Ayeuna mah uing teh jadi ngarasa keueung. Puriding teh bulu punduk narangtung siga nu dikomando. Uing neuteup ka sakuriling astana, tuluy diuk dina batu neger-neger karep. Ras inget ka ka Situ Panganten. Teu karasa kuring ujug-ujug nyawang mangsa katukang, katempo abringan daun katapang jeung tapas ngebul jiga nu ngahiap-hiap. Kadenge keneh lagu 'Aku Seorang Kapiten' hawar-hawar, Ngan aneh haseup nu ngelun tina tapas teh bet muru ka lebah uing, beuki lila beuki deukeut, beuki deukeut, beuki deukeut, gebeg! Uing ngarenjag tuluy Istighfar, ret kana batu nu didiukan, puriding teh bulu punduk nyasaak hate, kabaca dina batu teh aya tulisan, tetela nu didiukan teh tetengger Aom Keli, nu dua puluh taun kalarung meuli belut meunang meuleum ka uing. Ras inget deui ka sakadang gancet, naudzubillahimindzalik. ***

Singaparna, 2002-2003

sumbangan carita ti baraya Vyan Soeltan
 
Serenity Blogger Template